Official Website Organisasi Perempuan Muslim Ahmadiyah
Nepangkeun Ahmadiyah
Harga aslinya adalah: Rp 10.000.Rp 7.500Harga saat ini adalah: Rp 7.500.
Stok 22
- Penulis : Kartawijaya, Sadi’an (Sadkar)
- Penyelaras Bahasa : Bubun Basyariat Sadkar
- Penerbit : Neratja Press
- Edisi : Citakan ka-7 : 2019 (Edisi Pedalan Wanda Anyar)
- Ukuran : 14.8 x 21 cm
- Isi : vi+28 halaman
- ISBN : 978-602-0884-49-3
- Bahasa : Sunda
Sanajan sering patepang, ari teu papada wawuh mah, tetep baé paharé-haré, itu-itu ieu-ieu.
Sakitu téh alus kénéh. Cilakana upami silihcuriga, nyangka kitu nyangka kieu, padahal tacan kantenan.
Cara kitu rupina mah anggapan ti balaréa ka Jema’at Ahmadiyah, warawuh nanging teu wanoh, uninga nanging teu loma.
Ku kituna, kaémut taya lepatna saupami Ahmadiyah seja mayunan nepangkeun, sangkan teu disaha-saha. Teu mustahil ngajadi marga lantaran kabukana kawargian, sakocoran sapancuran. Teu mustahil lebet kana paripaos deukeut-deukeut anak taleus. Atanapi lebet kana kacapangan : Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang.
Ulasan
Belum ada ulasan.